Wilujeng Shaum Ka Samudaya Kulawargi Alumni 286 Tasikmalaya

Bukber Keluarga IPS Smanda 286

Rabu, 22 Juni 2016

Ngabuburit

Pangalaman Ngabuburit

Kuring keur olol leho
Baheula keur olol leho, mun ngabuburit teh sok ka alun2. Ti jam 3 keneh geus rigidig sabalad-balad ngabring ti Sayuran mapay ka jalan Mitra Batik-Jl.Galunggung-Jl.Dewi Sartika anu brasna pas ka Pendopo. Tara ieuh ka jalan Parapatan Lima, alesan sieun loba beus liwat. Ngadon naon cing di Alun2? Teu pira ngan ukur maen kokoleceran nu diapungkeun make karet gelang jeung pipiriwitan nu ditapeulkeun kana letah tuluy ditiup meh disada. Mun geus cape, nagog handapeun tangkal Samboja maca "Taman Firdaus", nu nyaritakeun si Soleh jeung si Karma, teu bosen anehna teh meh unggal usik maca buku eta. Ari mulang meuli orson atawa beuleum ulen. Anehna teh, pas dur bedug maghrib, eta orson jeung ulen teu ditoel-toel acan da puguh "kamerdekaan"....kitu jeung kitu we isukna teh mun ngabuburit ka Alun2 teh, resep we nu aya sangkilang suku lecet da make sendal Nilex, Lily atawa Daimatu..hahaha...aremut keneh teu lur pangalaman ngabuburit ki dulur sadaya nuju Zaman olol leho? Sok deur ah, ekspresikeun dina ieu blog…