Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya: Blog Barudax IPS Smanda Angkatan '86
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,
 |
| Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya |
Puji kalayan syukur hayu urang panjatkeun ka Hadlirat Ilahi Robbi nu murbeng samudaya alam. Sholawat sinareung salam mugi tetep-renggenek ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu bakal maparin syafaat di yaumil hisab jaga.
Cunduk kana waktu ninggang kana sirah..eh..lepat..kana mangsa, blog
286 Tasikmalaya parantos rengse dipidamel ku sim kuring dimana aya waktos lolongkrang. Sok sanaos kitu, bungkelekannana ieu blog tebih pisan tina kasampurnaan (da nu sampurna mah ceuk Ki Aef Kusnadi oge iwal ti rokok hehehe....). Maksadna mah teu aya sanes nyaeta kanggo wadah "curhat", gunem catur, ngabudalkeun eusi hate ku alatan tulisan, jsb. Ari wujudna mah tiasa artikel
sempal guyon, nyoreang alam ka tukang, bewara acara 286 Tasikmalaya atanapi
seratan ilmiah nu rancage. Tiasa oge kintunan potret anu lucu dibarung ku ku komentar ti pangintun.
Kahoyong mah unggal kintunan ti anggota
balad 286 Tasikmalaya dirojong ku komentar anu leubeut ti sadaya anggota supados rame we ieu blog. Mangga eta mah diemutkeun kumaha saena perkawis
Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya ieu. Perkawis kumaha carana ngintun artikel, nyaeta ngalangkungan email:
muarakaranggas@gmail.com, ari ngomentaran mah tiasa langsung diserat dina kolom komentar handapeun postingan artikel.
Mung sakitu rupina bubuka ti rumpaka kanggo sadaya
Balad 286 Tasikmalaya. Boh bilih aya seratan sim kuring ieu nu teu sapagodos sareung manah samudaya Balad 286 Tasikmalaya, neda hapunten nu kasuhun. Cag ah,
Wassalamulaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,
Girang Rumpaka