Wilujeng Shaum Ka Samudaya Kulawargi Alumni 286 Tasikmalaya

Bukber Keluarga IPS Smanda 286

Rabu, 22 Juni 2016

Ngabuburit

Pangalaman Ngabuburit

Kuring keur olol leho
Baheula keur olol leho, mun ngabuburit teh sok ka alun2. Ti jam 3 keneh geus rigidig sabalad-balad ngabring ti Sayuran mapay ka jalan Mitra Batik-Jl.Galunggung-Jl.Dewi Sartika anu brasna pas ka Pendopo. Tara ieuh ka jalan Parapatan Lima, alesan sieun loba beus liwat. Ngadon naon cing di Alun2? Teu pira ngan ukur maen kokoleceran nu diapungkeun make karet gelang jeung pipiriwitan nu ditapeulkeun kana letah tuluy ditiup meh disada. Mun geus cape, nagog handapeun tangkal Samboja maca "Taman Firdaus", nu nyaritakeun si Soleh jeung si Karma, teu bosen anehna teh meh unggal usik maca buku eta. Ari mulang meuli orson atawa beuleum ulen. Anehna teh, pas dur bedug maghrib, eta orson jeung ulen teu ditoel-toel acan da puguh "kamerdekaan"....kitu jeung kitu we isukna teh mun ngabuburit ka Alun2 teh, resep we nu aya sangkilang suku lecet da make sendal Nilex, Lily atawa Daimatu..hahaha...aremut keneh teu lur pangalaman ngabuburit ki dulur sadaya nuju Zaman olol leho? Sok deur ah, ekspresikeun dina ieu blog…

Selasa, 31 Mei 2016

Video Lucu A la 286 Tasikmalaya

Video Lucu A la 286 Tasikmalaya: Episode Rolling Stones_Didi Kempot huhuy....

Bah Endi
Saha nu teu uninga ka Rolling Stones, group band ti Inggris anu vocalisna katelah di "biwir dower", Mick Jagger tea geuning. Waktu urang tholab elmu di SMAN 2 Tasikmalaya tahun '80-an, laguna nu kasohor nyaeta "Undercover of the Night", "Sympathy for Devil". "State of Shock" dihaleuangkeun ku Jagger duet jeung King of The Pop, Michael Jackson.

Lagu-lagu kasohor The Rolling Stones anu akrab dina ceuli urang asana teh bera alias raweuy, samodel: I can get now (satisfaction), Indian Girl, Honky Tonk Woman, jsb. Tah dina video lucu kintunan balad urang nyaeta Bah Endi, duka lagu naon tah judulna anu dipelesetkeun jeung lagu campur sari Didi Kempot "Cintaku Sekonyong-konyong Koder". Jigana mah lagu tahun 60-an da ningal kana pameunteuna keur ngarora keneh; Keith Richard, Steve wyatt oge masih unyu-unyu. Bilih balad-balad uninga lagu naon tah nu dihaleuangkeun ku Mick Jagger versi aslina? Mangga nganggakeun video lucu a la 286 Tasikmalaya nu matak pikaseurieun balarea. Bah Endi keur naon eung?

Video Lucu A la 286 Tasikmalaya



Senin, 30 Mei 2016

Humor a la 286 Tasikmalaya

Sempal Guyon atanapi Humor a la 286 Tasikmalaya

Bah Yayan H.
Duka urang mana si Norman Cousins, psikolog kesehatan parantos medarkeun pamendakna yen seuri minangkana mah banget tiasa manjangkan umur. Ku manehna geus dipecak ngubaran pasen ku cara dipancing sangkan seuri boh ku sempal guyon boh ku ringkak-paripolah nu lucu. Tetela, si pasien anu awitna teu rengrot-rengrot geuringna, dumadakan aya 'progress' picageureun. Antukna, unggal poe si Norman Cousin ieu teh (Lain Norman Kamaru nu ngadadak kasohor ku ngibing "Chayya-Chayya") nitah ka si pasien sangkan manehna bisa seuri minimal 10 menit sapoe kumaha wae carana, naha maca buku humor, nenjo film comedy. Teu kungsi lila, si eta pasien cageur, jagjag waringkas jeung panjang umur.

Tah dumasar kana hal eta, euweuh salahna alias teu aya lepatna urang guar sempal guyon meh teu nguluwut ngemutan nu acan kahontal (sapertos kumaha carana ngecet langit hahahah..), atanapi ngagugulung kasusah nu karandapan. Nu matak numawi, hulu butak katinggang awi, dina ieu rohangan humor a la 286 Tasikmalaya, wang dipedar sempal-guyon kintunan wadia balad 286 Tasikmalaya. Salah sawios kintunan sempal guyon teh nyaeta ti bah Yayan Hermawan (3IPS1), anu unina kieu:

Humor a la 286 Tasikmalaya kintunan Bah Yayan (dicutat dina FB Ika 86)

Tah, sempol guyon atanapi humor a la 286 Tasikmalaya kintunan Bah Yayan diluhur kanggo sim kuring mah lucu, da payus sareung kaayaan urang anu ayeuna geus maju teungah-tuwuh. Kumaha balad-balad 286 Tasikmalaya satuju teu? Sok atuh ngintun komentarna atanapi ngintun sempal guyon anu pikaseurieun, sugan tah matak nyeuri kulit beuteung bakat ku lucuna. Kumaha tah bah Erlan sareung Bah Endi, Bah Hudaya, Bah Budi en Nin-nin sadayana iraha bade ngintun carita lucu teh. Bilih teu gaduh mah, Carpon atanapi artikel nu mangfaat keur balarea oge wang pintonkeun lah dina blog 286 Tasikmalaya ieu. Video lucu oge sok mangga, sapertos video reuni 30 tahun 286 tasikmalaya. Cag ah,

Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya

Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya: Blog Barudax IPS Smanda Angkatan '86

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,

Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya
Puji kalayan syukur hayu urang panjatkeun ka Hadlirat Ilahi Robbi nu murbeng samudaya alam. Sholawat sinareung salam mugi tetep-renggenek ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu bakal maparin syafaat di yaumil hisab jaga.

Cunduk kana waktu ninggang kana sirah..eh..lepat..kana mangsa, blog 286 Tasikmalaya parantos rengse dipidamel ku sim kuring dimana aya waktos lolongkrang. Sok sanaos kitu, bungkelekannana ieu blog tebih pisan tina kasampurnaan (da nu sampurna mah ceuk Ki Aef Kusnadi oge iwal ti rokok hehehe....). Maksadna mah teu aya sanes nyaeta kanggo wadah "curhat", gunem catur, ngabudalkeun eusi hate ku alatan tulisan, jsb. Ari wujudna mah tiasa artikel sempal guyon, nyoreang alam ka tukang, bewara acara 286 Tasikmalaya atanapi seratan ilmiah nu rancage. Tiasa oge kintunan potret anu lucu dibarung ku ku komentar ti pangintun.

Kahoyong mah unggal kintunan ti anggota balad 286 Tasikmalaya dirojong ku komentar anu leubeut ti sadaya anggota supados rame we ieu blog. Mangga eta mah diemutkeun kumaha saena perkawis Bewara ka Balad 286 Tasikmalaya ieu. Perkawis kumaha carana ngintun artikel, nyaeta ngalangkungan email: muarakaranggas@gmail.com, ari ngomentaran mah tiasa langsung diserat dina kolom komentar handapeun postingan artikel.

Mung sakitu rupina bubuka ti rumpaka kanggo sadaya Balad 286 Tasikmalaya. Boh bilih aya seratan sim kuring ieu nu teu sapagodos sareung manah samudaya Balad 286 Tasikmalaya, neda hapunten nu kasuhun. Cag ah,

Wassalamulaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,




Girang Rumpaka